B. Daerah

Pertanyaan

Harti dari kecap teureuh nyaeta

1 Jawaban

  • Harti kecap teureuh nyaeta katurunan. Dina basa Indonesia oge aya kecap "trah". Kecap trah dina basa Indonesia hartina sarua jeung kecap teureuh dina basa Sunda nyaeta hartina katurunan. Tarjamahan tina kecap basa Indonesia trah kana basa Sunda bisa oge "terah". Jadi, kecap teureuh atawa terah dina basa Sunda, dina basa Indonesia sarua hartina jeung trah anu hartina nyaeta sarua katurunan.

    Pembahasan

    Salian ti kecap teureuh, dina basa Sunda oge aya kecap seuweu anu hartina bisa anak, incu atawa katurunan. Kecap seuweu-siwi hartina nyaeta katurunan. Saperti dina kawih "Tanah Sunda" aya kecap "seuweu Pajajaran". Kusabab Pajajaran teh nyaeta ngaran karajaan Sunda, anu dimaksud "seuweu Pajajaran" teh nyaeta sakumna urang Sunda. Kecap "seuweu" kaasup kana kecap anu langka digunakeun dina obrolan sapopoe, paling ayana dina puisi atawa kawih.

    Pelajari lebih lanjut

    • Anu dimaksud seuweu Pajajaran dina rumpaka kawih Tanah Sunda https://brainly.co.id/tugas/11291551
    • Rumpaka kawih Tanah Sunda https://brainly.co.id/tugas/16686511
    • Struktur rumpaka kawih https://brainly.co.id/tugas/13581034

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Kawih

    Bab : 1

    Kode : 8.13.1

    Kata Kunci : Harti kecap teureuh

Pertanyaan Lainnya