B. Daerah

Pertanyaan

Gurat badagna tatakrama bahasa sunda kabagi 3 golongan

1 Jawaban

  • Gurat badagna tatakrama basa Sunda kabagi 3 golongan nyaeta basa lemes, basa loma jeung basa kasar. Sabenerna basa kasar henteu kaasup kana tatakrama basa Sunda. Jadi, sabenerna dina tatakrama basa Sunda ngan aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebut tatakrama basa Sunda anu baheula mah sok disebut undak usuk basa Sunda.

    Pembahasan

    Dina undak usuk basa Sunda malah kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa nyaeta genep mangrupa ragam basa lemes jeung dua mangrupa ragam basa loma jeung kasar. Tapi, kiwari geus sacara resmi ditangtukeun yen dina tata krama basa Sunda ngan aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.

    Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun kasorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Ayana ragam basa dina basa Sunda lain pikeun ngabeda beda jalma, tapi pikeun ngahormat ka kolot atawa ka saluhureun jeung ngajen ka anu sahandapeun atawa anu sapantar.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Tatakrama basa Sunda

Pertanyaan Lainnya