B. Daerah

Pertanyaan

Jieun kalimah make kecap rajekan:
a. Dwipurwa (satu kalimat)
b. Dwireka (satu kalimat)

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SD)
    Pembahasan :

    Kecap rajekan nyaeta kecap anu dirajek atawa disebut dua atawa tilu kali, boh dirajek engangna boh dirajek wangun dasarna. Salian dirajek engang atawa wangun dasarna, aya oge anu dirarangkenan, boh rarangken hareup boh rarangken tukang.

    a. Kecap rajekan dwipurwa nyaeta kecap rajekan anu dirajek engangna. Conto kecap rajekan dwipurwa nyaeta saperti mobil jadi momobilan. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap rajekan dwipurwa nyaeta saperti "Budi dipangmeulikeun momobilan ku indungna".

    b. Kecap rajekan dwireka nyaeta kecap rajekan anu dirajek wangun dasarna sarta ngarobah sorana. Conto kecap rajekan dwireka nyaeta saperti toel jadi tual-toel. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap rajekan dwireka nyaeta saperti "Naha maneh wani tual-toel kitu ka kuring, lain maneh teh boga dosa ka kuring?".

Pertanyaan Lainnya