Sebutkan pancen antara panata acara dan panumbu catur
B. Daerah
wgita21
Pertanyaan
Sebutkan pancen antara panata acara dan panumbu catur
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Girang Acara
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Jalma anu miboga pancen salaku panata acara jeung panumbu catur teh sok disebut girang acara. Girang hartina nyaeta pamingpin, jadi kira-kira girang acara teh hartina nyaeta jalma anu mingpin jalanna hiji acara, ti mimiti bubuka nepi ka panutup. Jadi sacara umum pancen panata acara jeung panumbu catur teh sarua jeung pancen girang acara. Tapi sacara khusus, panata acara jeung panumbu catur teh miboga pancen sewang-sewangan anu khas.
Sacara khusus, panata acara teh sarua hartina jeung MC atawa Master of Ceremony, anu miboga pancen pikeun mingpin, ngarahkeun, jeung nyusun susunan acara, saperti dina acara upacara, acara kawinan, acara sunatan, acara ulag taun, jeung sajabana ti eta, ti mimiti bubuka nepi ka panutup acara. Mangrupakeun tugas panata acara anu nangtukeun susunan acara, nangtukeun saha wae anu rek ngeusi acara, sarta ngarahkeun lumangsungna acara sangkan sukses. Jadi panata acara teh mangrupakeun jalma anu miboga tugas pikeun suksesna hiji acara, kukituna panata acara kaasup kana girang acara.
Sedengkeun anu disebut panumbu catur teh hartina sarua jeung moderator. Panumbu catur atawa moderator biasana miboga pancen pikeun mingpin jalanna acara anu disebut sawala atawa diskusi. Dina mingpin jalanna acara diskusi, panumbu catur miboga tugas pikeun ngatur jalanna diskusi sangkan bisa lumangsung sacara sukses. Umpama aya debat anu panjang jeung teu puguh kamana tujuannana, mangrupakeun tugas panumbu catur pikeun ngarahkeun jeung nangtukeun kumaha kuduna eta debat teh dibereskeun. Panumbu catur teh mangrupakeun jalma anu miboga tugas pikeun suksesna hiji sawala atawa diskusi, kukituna panata acara oge kaasup kana girang acara.