B. Daerah

Pertanyaan

Naon nu di sebut galur

1 Jawaban

  • Naon nu di sebut galur

    Jawaban

    Pendahuluan

    Galur teh nyaeta salahsahiji unsur intrinsik nu aya dina karya sastra wangun lancaran atawa prosa saperti dongeng, carita wayang, novel jeung carita pondok atawa carpon. Unsur-unsur intrinsik nu aya dina dongeng, carita wayang, novel jeung carpon nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut pandang jeung gaya basa.

    Pembahasan

    Galur nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian nu aya nepi ka ngawangun hiji carita dina hiji karya sastra dina wangun prosa. Aya tilu rupa galur nyaeta galur maju, galur mundur jeung galur campuran atawa maju-mundur.

    Kesimpulan

    Galur maju nyaeta carita anu peristiwana maju ti mimiti ayeuna nepi ka kahareup. Galur mundur nyaeta carita dimimitian ti bagian tengan atawa ti bagian konflik nepi ka angggeus, sanggeus kitu terus mundur nyaritakeun naon sababna kajadian konflik. Sedengkeun galur campuran nyaeta carita campuran galur maju jeung galur mundur.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Unsur intrinsik dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/1865493

    2. Galur maju jeung galur mundur https://brainly.co.id/tugas/9928838

    -----

    Detil Jawaban

    Kelas : X (1 SMA)

    Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng

    Bab : 5

    Kode : 10.13.5

    Kata Kunci : Galur, unsur intrinsik, galur maju, galur mundur

Pertanyaan Lainnya