Bahasa lain

Pertanyaan

sebutkan 3 judul kawih sosial,cinta,religi,cinta tanah air,kebudayaan

1 Jawaban

  • Kawih

    1. Harti kawih

                Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga ( seniman ) sarta miboga birama anu ajeg ( angger ). Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ).


    Unsur-unsur Kawih :

    ·         Rasa    : Ngagambarkeun Sikep

    ·         Nada    : Sikep anu nulis ( sedih, nalangsa , adigung jsb )

    ·         Amanat : Pasualan nu haying di tepikeun

    ·         Tema : Ide Pokok


    Conto Kawih :

    “ Bubuy Bulan “

    Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang

    Panon poe , panon poe di sasate

    Unggal bulan, unggal bulan abdi teang

    Unggal poe,, unggal poe oge hade

    Situ ciburuy laukna hese di pancing

    Nyeredet hate ningali ngeplak caina

    Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing

    Nyeredet hate ningali sorot socana


    Conto kakawihan :

    “ cingcangkeling “

    Cingcangkeling manuk cingkleng cindeten

    Plos ka kolong bapa satar buleneng

    Perbedaan Kawih, kakawihan , jeung tembang

    Kawih : lalaguan sunda anu teu ka uger ku pupuh waditrana modern tur wirahmana bebas.

    Conto : es lilin , bubuy bulan.

    Kakawihan : anu Sok dilagukeun ku barudak bari arulin.

     Contona : cingciripit

    Tembang : lagu sunda anu k auger ku aturan.

    Pupuh : nyaeta rakitan puisi tradisisonal anu kauger ku rupa2 patokan boh wanguna boh eusina.

    JENIS  KAWIH

    1.      Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula.

    Contona ; banjar sinom

    2.      Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.

    3.      Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern.

    Contona ; anggrek japati , angina priangan.

Pertanyaan Lainnya